B. Daerah

Pertanyaan

cengek teh lada mani..

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda

    Kelas : - (SD)

    Pembahasan :


    Cengek teh lada mani newewet. Kecap newewet teh mangrupa kecap pikeun nuduhkeun rasa. Conto kecap pikeun nuduhkeun rasa lianna, salian ti newewet, nyaeta saperti kecap kareueut pikeun nuduhkeun rasa amis nyaeta amis kareueut, kecap molelel pikeun nuduhkeun rasa pait nyaeta pait molelel, jeung sajabana ti eta.


    Salian ti kecap pikeun nuduhkeun rasa, aya oge kecap pikeun nuduhkeun warna saperti beureum euceuy jeung hejo ngagedod, kecap pikeun nuduhkeun kaayaan jalma saperti irungna bangir jeung awakna bayuhyuh, sarta kecap pikeun nuduhkeun sifat atawa kaayaan lianna saperti poek mongkleng jeung caang mabra.

Pertanyaan Lainnya