B. Daerah

Pertanyaan

contoh naskah sawala bahasa sunda kelompok

1 Jawaban

  • teks Sawala meresihan lingkungan
    Kabersihan di lingkungan sakitar urang wajib dijaga ku hal-hal anu positif demi bersih jeung lestarina lingkungan éta. Ayeuna, tos seer pisan masalah-masalah lingkungan anu disababkeun ku teu apikna jalma-jalma.
    Loba jalma nu ngahaja ngarusak lingkungan pikeun kapentinganna sorangan. Aktivitas anu négatif éta téh pasti bakal ngajieun masalah di waktos anu badé dongkap. Waktos urang terang loba pisan masalah anu dongkap di lingkungan urang. Nembé, urang sadaya emut peryogina ngajagi lingkungan.
    Salah sahiji masalah tina teu bersihna lingkungan nyaéta panyakit, kusabab loba jalma nu teu ngajagi kabersihan lingkungan.
    Panyakit anu paling kawéntar nyaéta panyakit TBC jeung Koleva. Panyakit ieu disababkeun ku kualitas lingkungan anu kotor. Lamun hiji lingkungan kotor, loba sampah dimana-mana, geus pasti panyakit moal bisa dihindari.
    Kusabab eta, urang kudu ngajaga kabersihan lingkungan. Kalakuan anu sakirana ngarusak atawa ngotoran lingkungan perlu urang hindari. Sabab, sagala hal kudu dimulai ku urang sorangan terutama pikeun ngajaga kabersihan lingkungan.

    semoga membantu

Pertanyaan Lainnya