Tolong jieun keun kalimat dina kata: -Diraksukan -Sinjang -Estu -Keupat -Dangdosan
Pertanyaan
-Diraksukan
-Sinjang
-Estu
-Keupat
-Dangdosan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nu perlu diperhatikeun dina nyieun conto kalimah nyaeta ragam basa anu digunakeun kudu merenah. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Aturan ngeunaan ragam basa dina basa Sunda disebut Tatakrama Basa Sunda, anu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda.
Pembahasan
Nilik kana kecap kecap nu disebutkeun di luhur, eta kecap kecap teh kudu dilarapkeun dina kalimah anu make ragam basa hormat / lemes, iwal kecap keupat anu bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma. Di handap ieu nyaeta conto kalimah kecap kecap di luhur dina ragam basa hormat / lemes:
- Diraksukan, conto kalimahna "Neng Lia mah awak sampayan, diraksukan naon wae sae katingalina"
- Sinjang, conto kalimahna "Ayeuna mah nganggo sinjang teh mung upami aya hajatan wungkul"
- Estu, conto kalimahna "Tuang botram di tengah sawah teh estu matak waas emut ka jaman kapungkur"
- Keupat, conto kalimahna "Neng Teti mah lurak lirik keupat oge sae da geulis"
- Dangdosan, conto kalimahna "Ari pameunteu geulis mah sanaos dangdosan saderhana oge angger wae geulis"
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman
Bab : 1
Kode : 7.13.1
Kata Kunci : Nyieun conto kalimah