B. Daerah

Pertanyaan

contoh basa loma hormat jeung ka batur,jeung basa hormat jeung kasorangan tina kecap cageur,jeung bisa

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Kelas : - (SMP)

    Pembahasan :

    Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Dina Ragam Basa Hormat / Lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes keur ka batur jeung basa lemes keur ka sorangan. Basa lemes keur ka batur nyaeta basa lemes keur ka batur anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Sedengkeun basa lemes keur ka sorangan nyaeta basa lemes keur ka sorangan, keur ka anu sahandapeun atawa keur ka sasama.

    1. Kecap cageur kaasup kana kecap loma, kecap hormat keur ka batur tina kecap cageur nyaeta damang, sedengkeun kecap hormat keur ka sorangan tina kecap cageur nyaeta pangesto. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap cageur, damang jeung pangesto nyaeta :

    a. Udin kumaha maneh cageur ?

    b. Kumaha pa guru damang ?

    c. Alhamdulillah simkuring pangesto.

    2. Kecap bisa kaasup kana kecap loma, kecap hormat keur ka batur tina kecap bisa nyaeta iasa, sedengkeun kecap hormat keur ka sorangan tina kecap bisa nyaeta tiasa. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap bisa, iasa jeung tiasa nyaeta :

    a. Budi ayeuna mah geus bisa naek sapeda

    b. Bu, kumaha ibu iasa angkat ka sakola ?

    c. Insya Allah sim kuring tiasa mios ka sakola

    Ayana Tatakrama Basa Sunda teh lain keur ngabeda-beda status sosial jalma tapi tujuan anu bener nyaeta pikeun hormat ka kolot jeung ngajen sasama. Saacan digunakeun istilah Tatakrama Basa Sunda, aturan ngeunan ragam basa Sunda teh kungsi disebut Undak usuk Basa Sunda. Kiwari istilah Undak usuk Basa Sunda geus diganti ku Tatakrama Basa Sunda, sabab ceunah istilah Undak usuk Basa miboga kesan feodal.

    Kata Kunci : Ragam Basa Hormat, Ragam Basa Loma

Pertanyaan Lainnya