B. Daerah

Pertanyaan

contoh paguneman teu resmi basa sunda 3 orang

1 Jawaban

  • Katerangan :
    1. Radit (Ganti dengan nama kamu)
    2. Angga (Ganti dengan nama kamu)
    3. Wisnu (Ganti dengan nama kamu)

    Basa istirahat sakola di ruang kelas X 2B. Aya tilu babaturan dekeut, anu sering ulin babarengan, ngarana yaeta radit, angga, sareng wisnu. Maranehana keur ngararobrol dikelas.

    Angga : “Dit, basa poe minggu kamari maneh ka mana? Ning urang ulin ka imah maneh teu aya?”
    Radit : “Oh, keur kamari urang piknik ka kebon raya, bogor.”
    Angga : "Aih, geuning teu ngajakan urang sih."
    Radit : "Ah, eta ge pan mangkatna jeung kaluarga urang ga."
    Angga : "Oh, kitu."

    Wisnu : “Kumaha rea teu di ditu, Radit?”
    Radit : “Nya rea oge, pamandangan nana aralus ey.”
    Wisnu : “Mana atuh oleh-olehna, ningan teu mawa ?”
    Radit : “Bisi hayang oleh-oleh mah balik sakola weh ka imah urang, kamari balikna urang meser ka'emaman hela diditu.”

    Wisnu : “Hayu atuh angga, engke balik sakola urang ka imah Radit, yu ah?”
    Angga : "Hayu wae."
    Wisnu : “Kaparengan, abdi can apal pan imah si Radit teh. Ari Angga kamari ka imah Radit bade naon?”
    Angga : “Puguh urang arek ngajakan si Radit nguseup belut, di sawah.”

    Radit : "Lamun urang teu mangkat kaditu mah, daek pisan ngusep teh, bari ulin ka sawah weh sore-sore."
    Wisnu : “Oh, urang oge resep ari ngusep belut mah, ges lila teu nguseup belut di sawah."
    Angga: "Emang maneh biasa kamana lamun sore-sore, Wisnu?"

    Wisnu : "Ari urang mah sapopoe ngan ulin game hungkul di jero imah."
    Angga : "Ulah sering teing wis, bisi mata maneh jadi lamur ke gera."
    Radit : "Bener tah ceuk si Angga, ulah sering jeung lila teuing maen game, bisi ngarusak mata.
    Wisnu : "Oh, kitunya?"
    Angga : "Enya."
    Radit : "Kamari maneh menang loba teu ngusepna, Angga?”

    Angga : “Ngan menang 2 siki”
    Radit : “Naha ningan?”
    Angga : “Atuda sore teuing, mangkat kadituna ge abdi jam 5 sore.”
    Wisnu : “Mending daripada maneh teu menang? Hahahaa..!”
    Radit : "Hahahaa.. Bener tah!"
    Wisnu: "Nah, kumaha lamun isukan urang balik ti imah si Radit sorena jam 4, urang langsung nguseup belut ka sawah?

    Radit, Angga: "Hayu..!"
    Wisnu : "Dibanding urang ulin game wae di imah bisi ngarusak mata, mending urang ulin ka sawah nya?"
    Radit, Angga : "Bener."
    Wisnu : "Nah, okeh lamun kitumah. Ayena kumaha lamun urang ka kantin sakola hela, lapar ey."
    Radit, Angga : “Oke deh!”

    Maaf kalau kurang jelas jawabannya

Pertanyaan Lainnya