Bahasa nu di pake dina paguneman?
B. Daerah
nazhwaoctavioovi2o3
Pertanyaan
Bahasa nu di pake dina paguneman?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Paguneman
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Paguneman nyaeta dialog atawa nyarita dua arah, antar dua urang atawa leuwih, silih tempas, sarta ngagunakeun kalimah langsung. Jadi, meureun pananya anu dimaksud teh lain "bahasa nu dipake dina paguneman?" tapi "kalimah nu dipake dina paguneman?". Kalimah nu dipake dina paguneman nyaeta kalimah langsung.
Tapi umpama anu dimaksud dina pananya diluhur nyaeta "ragam basa nu dipake dina paguneman?", dina basa Sunda aya ragam basa, nyaeta Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma atawa kasar. Dina ragam basa hormat atawa lemes aya dua ragam basa lemes, nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur.
Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa anu dipiharormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma atawa kasar biasa digunakeun pikeun nyarita jeung babaturan anu geus akrab atawa jeung anu sahandapeun. Jadi, dina paguneman ragam basa anu digunakeun nyaeta gumantung kana saha anu diajak nyarita.
Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi. Conto paguneman resmi nyaeta saperti sawala atawa diskusi. Sedengkeun conto paguneman teu resmi nyaeta saperti nyarita atawa ngawangkong cacaritaan sapopoe jeung babaturan sorangan atawa jeung kolot sorangan.
Dina paguneman aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun sangkan paguneman lumangsung sacara merenah jeung kaharti. Hal-hal anu perlu diperhatikeun dina paguneman nyaeta anu aya patalina jeung bentesna sora dina waktu nyarita atawa lafal, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan anu merenah, sarta penjiwaan dina waktu nyarita.