B. Daerah

Pertanyaan

naon anu dimaksud kecap rundayan

1 Jawaban

  • Kecap rundayan nyaeta kecap asal anu ditambahan ku rarangken. Aya sawatara rupa rarangken nyaeta rarangken hareup, rarangken tengah, rarangken tukang jeung rarangken barung. Hiji kecap asal lamun geus dirarangkenan atawa geus jadi kecap rundayan bisa ngahasilkeun sawatara rupa kecap anyar atawa kecap anu beda.

    Pembahasan

    Kecap rundayan mangrupakeun salah sahiji rupa tina wangun kecap. Wangun kecap lianna, salian ti kecap rundayan, nyaeta kecap asal, kecap rajekan jeung kecap kantetan. Conto kecap rundayan nyaeta saperti:

    1. Conto rarangken hareup nyaeta saperti kecap pelong jadi silihpelong
    2. Conto rarangken tengah nyaeta saperti kecap geulis jadi gumeulis
    3. Conto rarangken tukang nyaeta saperti kecap opat jadi opatan
    4. Conto rarangken barung nyaeta saperti kecap mawa jadi pangmawakeun

    Pelajari lebih lanjut

    • Conto kecap anu ngandung rarangken hareup https://brainly.co.id/tugas/7087944
    • Conto kalimah anu make rarangken tengah https://brainly.co.id/tugas/15511276
    • Conto rarangken pang-keun https://brainly.co.id/tugas/439773

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda

    Bab : 6

    Kode : 8.13.6

    Kata Kunci : Kecap rundayan

Pertanyaan Lainnya