B. Daerah

Pertanyaan

conto teks panumbu catur (moderator)

1 Jawaban

  • Panumbu catur atawa sok disebut oge moderator, nyaeta jalma anu biasana ngatur kagiatan diskusi atawa sawala. Diskusi atawa sawala biasa dilakukeun dina wangun paguneman. Paguneman nyaeta ngawangkong atawa ngobrol dua arah, antara dua urang atawa leuwih, silih tempas, anu ngagunakeun kalimah langsung.

    Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa paguneman nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi. Conto paguneman resmi nyaeta saperti sawala atawa diskusi. Sedengkeun conto paguneman teu resmi nyaeta saperti ngawangkong obrolan sapopoe jeung babaturan atawa jeung kolot sorangan.

    Dina paguneman aya sawatara aturan anu kudu diperhatikeun sangkan paguneman, saperti sawala atawa diskusi bisa lumangsung lancar sarta kaharti ku sarerea. Aturan anu kudu diperhatikeun dina paguneman nyaeta anu aya patalina jeung tarik launna sora atawa lafal dina ngawangkong, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan anu merenah anu digunakeun dina paguneman, sarta penjiwaan dina ngawangkong.

    Khusus dina paguneman anu ngagunakeun basa Sunda, anu dimaksud ku pilihan kekecapan anu merenah teh diantarana aya patalina jeung ragam basa anu digunakeun. Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Dina ngagunakeun ragam basa, kudu konsisten jeung merenah, ragam basa dicampur.

    Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa anu dihormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung jalma anu geus akrab, saperti nyarita jeung babaturan anu geus akrab.

    Di handap ieu conto wangun paguneman dina hiji sawala atawa diskusi anu dipiluan ku tilu orang pamilon, panumbu catur jeung saurang girang serat, anu ngagunakeun basa Sunda Ragam Basa Hormat / Lemes. Dina paguneman di handap dijentrekeun teks atawa kekecapan anu dicaritakeun ku moderator atawa panumbu catur:

    Sawala

    Amir (panumbu catur) : Assalamualaiukum wr wb (dijawab waalaikumsalam wr wb ku pamilon jeung girang serat sawala). Hatur nuhun ka sadayana anu parantos sumping dina acara sawala kanggo medar atanapi ngabahas perkawis rancana piknik urang ka Jakarta. Dina ieu sawala, anu janten girang serat nyaeta Lia, kumaha parantos siap Lia?
    Lia (girang serat) : Mangga, simkuring parantos siap
    Amir : Salajeungna mangga parantos aya anu kagungan saran, kinten-kientenna urang teh di Jakarta bade ka mana wae?
    Budi (pamilon 1) : Simkuring gaduh saran engke di Jakarta teh saena mah urang ka Taman Mini Indonesia Indah, teras ka Ancol, eta panginten dua tempat anu teu kenging kalangkung
    Amir : Muhun sae saran ti Budi. Anu sanesna kumaha?
    Heni (pamilon 2) : Eta ka Taman Mini sareng ka Ancol teh panginten dinten ka hiji sanes?. Tah, dina dinten ka duana mah simkuring usul urang balanja ka Pasar Pagi Mangga Dua
    Lia : Aduh eta usul ti Heni teh simkuring mah sapagodos pisan. Ieu ku simkuring moal kakantun bade dicatet (ceuk Lia salaku girang serat, bari seuri)
    Amir : Nya muhun ari istri mah resepna teh balanja, teras urang pameget ka mana?
    Cepi (pamilon 3) : Nya atuh di daerah Mangga Dua mah gampil kanggo pameget oge, urang tiasa ka toko-toko elektronik anu aya sabuderan Mangga Dua
    Amir : Mangga atuh, panginten urang tos gaduh acara anu sae. Engke hasil sawala ieu urang diwartoskeun ka rerencangan anu sanesna, supados langkung seueur anu ngiring piknik ka Jakarta
    Lia : Muhun, mangga engke ku simkuring catetan hasil sawala ieu bade dikintunkeun ka sadaya anggota nu aya
    Amir : Hatur nuhun Lia. Rupina sakitu sawala dina dinteun ieu, mangga urang tutup sawala ieu ku maos hamdallah. Alhamdulillah.

Pertanyaan Lainnya