B. Daerah

Pertanyaan

Nyieun 1 conto paparikan nyaeta piwuruk, sesebred, silihasih?, jwb ya

1 Jawaban

  • Nu dimaksud conto paparikan nyaeta conto salah sahiji rupa tina puisi Sunda anu disbut sisindiran anu miboga wangun saperti pantun dina sastra Indonesia. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta paparikan rarakitan jeung wawangsalan, Ditilik tina maksud atawa eusi sisindiran aya tilu rupa sisindiran nyaeta sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, sesebred jeung silihasih.  

    Pembahasan

    Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalam aya dua padalisan. Dina sapada sisindiran biasana aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagean cangkang atawa sampiran jeung aya bagean eusi. Di handap ieu nyaeta conto sisindiran paparikan nu eusina piwuruk, sesebred jeung silihasih:

    • Sisindiran Paparikan Piwuruk  

    Loba jalma nu palinter

    sanajan henteu sajajar

    Lamun hidep hayang pinter

    kudu sing rajin diajar

    • Sisindiran Paparikan Sesebred  

    Ulinna ka kota Blitar

    disambung ka Surabaya

    Najan kumis lima lambar

    nu penting mah bisa gaya

    • Sisindiran Paparikan Silihasih  

    Batu turun keusik naék

    kalapa tonggoheunana

    Itu purun ieu daék

    sarua bogoheunana

    Pelajari lebih lanjut

    • Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
    • Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
    • Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 4

    Kode : 8.13.4

    Kata Kunci : Conto paparikan

Pertanyaan Lainnya