B. Daerah

Pertanyaan

Tatakrama basa sunda maksudna pikeun ?

1 Jawaban

  • Tatakrama Basa Sunda maksudna pikeun urang silihhargaan jeung sasama. Tatakrama Basa Sunda dijieun lain pikeun supaya nagbeda-beda jalma, atawa ngan saukur pikeun ngahargaan anu saluhureun, atawa ngan saukur ngahormat kaatasan, tapi pikeun urang silihhargaan. Tatakrama Basa Sunda ngatur kumaha carana urang umpama nyarita jeungg sasama. Dina Tatakrama Basa Sunda aya dua ragam bahasa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma.

    Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa jeung anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung jalam anu geus akrab, saperti jeung babaturan anu geus akrab. Dina Ragam Basa Hormat / Lemes aya dua rupa ragam basa hormat atawa lemes, nyaeta basa lemes pikeun ka diri sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur. Sedengkeun dina Ragam Basa Loma teu aya bedana antara basa loma pikeun ka diri sorangan jeung basa loma pikeun ka batur, saperti nu aya dina Ragam Basa Hormat / Lemes.

    Istilah Tatakrama Basa Sunda baheula mah kungsi disebutna Undak-usuk Basa Sunda. Dina Undak-usuk Basa Sunda kungsi nepi ka aya dalapan ragam basa, nyaeta genep ragam basa lemes jeung dua ragam basa loma atawa kasar. Tapi kiwari mah geus sacara resmi ditangtukeun yen dina basa Sunda ngan saukur aya dua ragam basa, nyaeta Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Salian ti eta, istilah Undak-usuk Basa Sunda oge kiwari mah geus sacara resmi diganti jadi Tatakrama Basa Sunda. Istilah Undak-usuk Basa Sunda diganti ku istilah Tatakrama Basa Sunda, sabab istilah Undak-usuk Basa Sunda miboga kesan anu leuwih "feodal" ti batan istilah Tatakrama Basa Sunda.

Pertanyaan Lainnya